Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

200 Babasan jeung Paribasa Sunda jeung Hartina

200 Babasan jeung Paribasa Sunda

1. Atah Anjang + langka silih anjangan
2. Adigung adiguna + takabur = sombong
3. Ambek nyedek tanaga midek = napsu gedé tapi tanaga euweuh
4. Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain
5. Adat kakurung ku iga = lampah goréng hésé leungitna
6. Alak paul = jauh pisan
7. Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan
8. Ayem tengtrem = tenang taya kasieun
9. Asa teu beungeutan = awahing ku éra
10. Anu borok dirojok anu teuleum disimbeuhan = mupuas kanu cilaka
11. Amis budi = hadé paroman
12. Aya jurig tumpak kuda = aya milik nu teu disangka-sangka
13. Aya jalam komo meuntas = aya kahayang aya nu ngajak
14. Awewe dulang tinandé = awéwé nurutkeun kahayang salaki
15. Amis daging = babari katerap panyakit
16. Abong létah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun batur
17. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed = ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora
18. Agul ku payung butut = agul ku turunan
19. Aya pikir kadua leutik = aya kahayang
20. Asa dirojok concot = ngarasa bungah pisan
21. Adéan ku kuda beureum = ginding ku pakéan meunang nginjeum
22. Birit aseupan = teu daek cicing
23. Biwir nyiru rombéngeun = resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
24. Bengkung ngariung bongkok ngaronjok = sauyunan, ngariung babarengan
25. Beurat birit = hésé dititah
26. Bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran
27. Balungbang timur = nuduhkeun haté beresih
28. Bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan
29. Bilatung ninggang dage = bungah pisan
30. Batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateuna
31. Badak cihéa = degig
32. Bonténg ngalawan kadu = nu héngker ngalawan nu bedas
33. Babalik pikir = insap
34. Balik pépéh = nu gering teu daék cicing
35. Balik ka temen + asal banyol jadi paséa
36. Buntut kasiran = medit
37. Bodo aléwoh = bodo tapi daék tatanya
38. Bodo kawas kebo = bodo kacida
39. Béja mah béja = béja nu sumebar
40. Bancang pakéwuh = pikasusaheun
41. Budak keur meujeuhna bilatung dulang = keur meujeuhna beuki dahar
42. Bulu kapaut = kabawa ku batur
43. Balabar kawat = beja nu sumebar
44. Béak déngkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi teu hasil baé
45. Batan kapok kalah gawok = batan eureun kalah maceuh
46. Buruk-buruk papan jati = hadé goréng ogé dulur sorangan
47. Ceut kahareup = téréh maot
48. Deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun
49. Disakompet daunkeun = disamarutkeun
50. Dibéjérbeaskeun = dijéntrékeun
51. Dogdog pangréwong = acara panambah
52. Dibabuk lalaykeun = dibabuk ngénca ngatuhu
53. Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang
54. Dihin pinasti anhyar pinanggih = papastén geus ditangtukeun ku gusti Alloh
55. Dug hulu pét nyawa = usaha satékah polah
56. Élmu ajug = bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
57. Gantung déngé = masih dédéngéeun
58. Ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong
59. Géde gunung pananggeuhan = boga andelan pédah boga dulur beunghar
60. Garo mengmengan = taya sabaran
61. Galéhgéh gado = sagala dicaritakeun
62. Garo singsat = pagawéan awéwé dina aya ka teu panuju
63. Gurat batu = pahgeuh kana jangji atawa mawa karep sorangan
64. Goong saba karia = nonjolkeun manéh sangkan kapaké ku dunungan
65. Goong nabeuh manéh = ngagulkeun diri sorangan
66. Getas harupateun = gancang napsu
67. Gindi pikir belang bayah = goreng haté
68. Hampang birit =daékan kana gawé
69. Hambur congcot murah bacot = goréng carék tapi béréhan
70. Heuras genggerong = omongana kasar
71. Hadé gogog hadé tagog = jalma sopan
72. Hutang slaput hulu = hutangna kaditu kadieu
73. Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipaké
74. Héjo tihang = sok pindah-pindah pagawéan
75. Harigu makeun = dadana nyohcor ka hareup
76. Haripeut ku teuteureyeun = gancang kapincut ku pangbibita
77. Haréwos bojong = ngaharéwos tapi kadéngé ku batur
78. Handap lanyap = omongana lemes tapi ngahina
79. Halodo sataun lantis ku hujan sapoé = kahadean mangtaun-taun leungit ku kagoréngan sakali
80. Heureut pakeun = kurang kaboga
81. Hampang leungeun = gancang tungal teungeul
82. Iwak nangtang sujén = ngadeukeutan pbahayaeun
83. Inggis batan maut hinis = paur pisan
84. Jalma atah warah = teu narima didikan sacukupna
85. Jati kasilih ku junti = pribumi kaéléhkeun ku sémah
86. Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu beubeunangan
87. Kawas anjing tutung buntut = teu daék cicing
88. Kawas aning kadempét lincar = gogorowokan ménta tulung
89. Kawa bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempé teu nyarita
90. Kurung batok = tara indit-inditan jauh
91. Kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awahing ambek
92. Kokolot begog = budak pipilueun ngomong kana urusan kolot
93. Kawas nu dipupu bayu = leuleus taya tangan pangawasa
94. Kumaha gegelut batuna, kecebur caina = kumaha béhna
95. Kejot borosot = gancang nyokot kaputusan teu pikir heula
96. Kabawa ku sakaba-kaba =kabawa ku nu teu puguh
97. Kahieuman bangkok = jiga beunghar pedah katitipan barang batur
98. Katempuhan buntut maung = batur nu boga dosana urang nu katempuhana
99. Kawas cai dina dau taleus = taya tapakna
100. Kawas jogjog mondok = teu daék répéh
101. Kélék jalan = deukeut tapi jalanna taya nu lempeng
102. Kawas jaer kasaatan = teu daék cicing
103. Kawas gaang katincak = jempe
104. Kawas hayam panyambungan = lumbang-limbung teu puguh
105. Kawas kuda leupas ti gedogan = ngarasa bebas
106. Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana kolot kababawa
107. Kandel kulit beungeut = euweuh kaéra
108. Kujang dua pangadékna = pagawéan nu maksadna dua cabak
109. Kokro manggih mulud = makmak mekmek
110. Kawas kedok bakal = goreng patut pisan
111. Kaliung kasiput = loba baraya beunghar
112. Kawas kapuk kaibunan = leuleus taya tangan pangawasa
113. Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku sorangan
114. Kawas kacang ninggang kajang = nayaritana capetang tur gancang
115. Kawas nyoso malarat rosa = malarat pisan
116. Kulak canggeum = milik nu geus ditangtukeun ku gusti Allah
117. Kambang buruan = budak nu keur resep ulin
118. Kawas leungeun palid = uyup ayap teu daék cicing
119. Kawas lauk asup kana bubu = hésé rék kaluar
120. Kawas merak = beuki kana céngék
121. Kawas cucurut kaibunan = goréng patut pisan, kulimis
122. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak = sauyunan
123. Leuleus awas = daékan
124. Leuleus jeujeur liat tali = gede pertimbanganana
125. Laér gado = kabitaan
126. Leutik-leutik ngagalatik = awakna leutik tapi gedé kawani
127. Landung kandungan laér aisan = bijaksana
128. Lalaki langit lanang jagat = gagah perkasa
129. Lauk buruk milu mijah = marok-marokan maneh
130. Lésang kuras = teu bisa nyékel duit
131. Leumpeuh yuni = teu kuat nenjo nu cilaka
132. Lodong kosong ngelentrung = jalma loba ngomong pangartina kosong
133. Loba luang jeung daluang = loba pangaweruhna
134. Leutik ringkang gedé bugang = manusa awakna leutik gedé jiwana gedé
135. Legok tapak genténg kadék = loba pangalaman
136. Mengpeun carang ku ayakan = api-api teu nyaho tapi nyaho
137. Murang bulu bitis = teu betah cicing di imah
138. Mindingan beungeut ku saweuy = ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur geus nyahoeun
139. Miyuni kembang = loba nu mikaresep
140. Miyuna tai = loba nu mikangéwa
141. Miyuni kohkol = nasibna diteungeulan baé batur
142. Monyet dibéré séséngkéd = nu rék jahat dibéré parabot
143. Mipit teu amit ngala teu ménta = cocorokot kana barang batur
144. Monyét ngagugulung kalapa = boga élmu teu nyaho maksudna
145.

Post a Comment for "200 Babasan jeung Paribasa Sunda jeung Hartina"