Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Conto Paparikan Basa Sunda

Paparikan asal kecap tina "parik" anu asalna tina "parek" hartina deukeut. Anu padeukeutna téh nya éta sadana atawa sorana dina cangkang jeung dua pada eusi, unggal pada lobana dalapan enggang.

Paparikan dibagi dua nya éta: 
1. paparikan nu teu kauger ku patokan pupuh.
Contona :
Leuleupeutan Leuleuweungan
Ngarah kékéjoanana
Deudeukeutan reureujeungan
Ngan téténjoan

2. Paparikan dangding nya éta paparikan anu kawengku ku patokan nyieun pupuh.

Contona :

Kapinis ulah disumpit,
tangkal muncang ngarangrangan,
kembang kopi kembang kopo,
karungkang pucuk karungkang,
lampuyang cocongoan,
bawaeun ka raja galuh,
batu tulis di sakola.

Nilik kana sipatna paparikan téh bisa mibanda tilu rupa sipat nya éta :
  • Silih asih
  • Piwuruk
  • Sésébréd
Conto Paparikan

1. Silih asih

Aya meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.

Seungit kembang sumarsana,
bawa angin ngadalingding.
Nu laip kieu rasana,
nandang nyeri tanpa tanding.

Carulang dipahpal kuda,
héjo deui héjo deui.
Rék mulang samar kaduga,
nénjo deui nénjo deui.

Tangkal manjah sisi lamping,
tangkal putat kaibunan.
Haté bungah tanpa tanding,
Nampi WA kikintuna.

2. Piwuruk

Baju kutud heureut pola,
dikelin teu dijalur.
Mun teu cucud ti sakola,
arisin balik ka lembur.

Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok loba bobodasna,
Ulah sok liar tipeuting,
osok loba gogodana.

3. Sésébréd

Cau naon cau naon,
cau kulutuk dijuru.
Bau naon bau naon,
bau hitut nu di juru.

Baju soéh tatambalan,
kaput gedé jarumatan.
Daék sotéh ngawulaan,
lamun hadé rumawatna.

Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku mérang awi.
Nu hideung matak teu nangan,
sing émut ka diri abdi.

Talingtung talina benang,
mobil beureum diguratan.
Satungtung teu acan beunang,
moal eureun diinbokan.

Cikur jangkung jahé konéng,
lampuyang pamura beuteung.
Rarasaan jangkung konéng,
puguhmah bureuteu hideung.

Post a Comment for "Conto Paparikan Basa Sunda"